Skip to main content

Lambang Bandera Pajajaran


Lambang dina Tetengger Makam Kuno Gunung Nagara 
(Dokumen Salakanagara)
Ku : kang Aan Merdeka Permana - Admin Salakanagara

DIDUGA, makam kuno anu aya di lokasi Gunung Nagara jumlahna leuwih ti 52 jumpluk, ngan henteu kabeh makam nyesakeun tetengger. Nu masih keneh aya tetenggerna oge teu kabeh bisa kabaca sabab geus leungit kaheab ku waktu.

Ngan dina intina, sanajan tetep masih samar-samar, eta kumpulan makam kuno teh hiji kumpulan masarakat anu ngababakan sabondoroyot, datangna ti Dayeuh Pakuan Pajajaran. Eta teh ku nengetan ngaran-ngaran anu dina catetan para sejarawan aya kacatet.
Ieu di handap aya perelean sawatara lambang nu nyampak dina tetengger, tur ditapsirkeun naon eusina.

Bentang Pramu Gyaha (bintang si curuk dalapan), nyaeta lambang bandera Pajajaran.
Tali Jemani. Maksudna, tanda pertalian getih turunan para raja. Dina jaman eta mah, maksudna, katurunan atawa aya tatali kulawarga jeung Sri Baduga Maharaja. Im’bun kasta diserenkeun tanda ieu ka istri Prabu. Dugaan, nya ieu Nyi Ambet Kasih.

Sidendang Surih Palawihrita. Tanda kahormatan ka putra Raja Sangara.
Tunggak Wilung, KastaTha’ta. Diduga makam Pandika Prastu Tata, putra diputra Rara Santang.
Tungkulan Bha’yung. Tanda kahormatan jang anu jasa nata kahirupan nagara. Makam Ki Ambih Wehyang Suranda.

Salapan War’tha. Tanda keur para patih anu tutumpuran bumela ka nagara. Makamna Sripathika Gayah Marungga, anu gugur keur nagara.
Sirat Tunggal Panceg. Oge tanda keur anu bumela tepika gugur. Makamna Ki Suria Putih, juru telik (mata-mata) nu biasa nyulusup ka tempat musuh.

Widhaya Bhakti. Tanda kahormatan ka ponggawa anu gugurna langsung dumeh jadi tameng kasalametan Raja. Makamna Ki Sana Herang.
Maruahpati Welang Sena. Tanda kahormatan ka hulu jurit anu gugur bari awakna teu ngawujud (ku musuh disiksik-diwalang-walang). Makamna hulu jurit Ki Suryadiwangsa Panangkaran.
Tunggak Wilung. Tanda kahormatan keur Ki Natra Prasenja Panangkaran

Comments

Popular posts from this blog

SEJARAH CIANJUR

Dokumen Salakanagara Oleh : Luki Muharam, Divisi Sejarah dan Nilai-nilai Tradisional Lembaga Kebudayaan Cianjur (LKC), Divisi Sejarah Paguyuban Pasundan Kab. Cianjur, Wartawan Tabloid Sunda “ GALURA” grup Pikiran Rakyat Bandung. Selama ini sejarah Cianjur seolah berhenti dalam riwayat Dalem Cikundul Rd. Jayasasana Bupati Cianjur yang memerintah antara tahun 1677-1691. Kendati pada masa itu belum lahir nama kabupaten Cianjur namun tetap Dalem Cikundul dianggap sebagai Bupati pertama. Sebetulnya masih banyak riwayat Dalem Cikundul lainnya yang belum terungkap, namun sayangnya sejarah Dalem Cikundul hingga kini hanya berkutat diseputar pernikahannya dengan putri jin hingga memperoleh tiga anak yakni Rd. Suryakancana yang memerintah kerajaan jin di gunung Gede Cianjur, Rd. Endang Sukaesih yang bersemayam di gunung Ceremai dan Rd. Andaka Wirusajagat yang bersemayam di Kumbang Karawang. Hampir semua elemen masyarakat merasa cukup mengenal Dalem Cikundul sebatas pernik...

Dipati Ukur

 Ku : Asep Idjuddin- admin Salakanagara Di Bandung aya ngaran jalan Dipati Ukur, nu can kapanggih di kota-kota sejen di Tatar Sunda, boa ngan hiji-hijina sadunya. Saha atuh Dipati Ukur teh? Bureng bin poek, matak ngahudang kapanasaran. Inget-inget poho, keur kuring di SD kelas 4,(1959), kungsi pun biang ngadongeng Rd. Dipati Ukur, cenah makamna di Kabuyutan, deukeut sasak kareta api, antara Soreang-Ciwidey. Nincak ka kelas 6 (1961), kuring kungsi maca buku kandel “Carita Dipati Ukur”, nu ngagoler dina meja tulis di kamar pun bapa. Les we poho deui. Ka behdieunakeun, basa kuring jadi wartawan majalah PIP Jakarta. Kungsi ngadenge dongeng Dipati Ukur, ti Pa Letkol(purn)RH Lily Sumantri (Bupati Bandung manten), cenah Dipati Ukur teh perang jeung Mataram, katewak di gunung Rakutak (tempat katewakna pamingpin DI/TII, Kartosuwiryo, 1962) deukeut Cililin. Makamna di Baleendah, da cenah Baleendah (Pabuntelan?) teh urut puseurdayeuh kabupaten Bandung, wewengkon Dayeuhk...